Selasa, 23 Desember 2008

KHUTBAH JUM'AT

Otonomi Haji Mabrur
Khotib: Ali Nurdin

“Ari usum haji sawatara bulan anu geus ditangtukeun. sing saha anu keur ngalakonan ibadah haji dina bulan-bulan eta henteu meunang pisan ropats, jeung teu meunang pisan fusuq, jeung teu meunang pasea paheuras-heuras genggerong sabot ngalakonan ibadah haji,” (Q.S. 2: 197).
”Haji mabrur teh langkung sae batan dunya sareng saeusina, sareng teu aya wawalesna, haji mabrur sajabi ti sawarga.” (H.R. Bukhori Muslim ti Abu Hurairoh).

Upama aya jalma nu bade angkat ka Mekkah, bade ngalaksanakeun ibadah haji, sok benten ketakna. Seueur anu robih rengkak sareng paripolahna. Anu sadidintenna ulukutek di toko, janten resep ider-ideran, ngadon silaturrahmi. Anu sadidintenna teu weleh sibuk sareng urusan kantor, janten resep umanjang silaturrahmi. Malih anu biasana kucem kurang nyarita oge, ngadadak robih janten sonagar, leukeun jajaluk pangapunten. Da basana teh, bade ngantunkeun lemahcai. Bade jengkar kat Baet Alloh.
Kituna teh tangtos oge sanes naon-naon, nanging estuning baningku ngaraos bingah manah, wirehna ku Alloh dipercanten tiasa ngalakonan Rukun Islam anu nomer lima. Mangkaning rukun Islam anu ieu mah, teu tiasa dilakonan ku sagawayah jalmi. Kawantos aya sarat manistatho’a-na (mampuh mayar ongkos jeung sagala rupina, red) tea.
Ku jalaran eta, kanggo nu ku Alloh dikersakeun tiasa ngalaksanakeun ibadah haji, kedah ngaraos bingah kacida. Kedah ngaraos reueus. Sujud syukurna oge, teu kenging ngaraos cekap ukur sakali dua kali. Margi urang bade janten tamu Alloh. Sanes tamu Ka’bah, sanes tamu Raja Arab. Sakali deui, baris janten tamu Alloh.
Kumaha kedahna ari janten tamu Alloh teh? Naha leres urang parantos sayogi, atanapi sasayogian, kanggo janten tamu Alloh?
Ilaharna upama aya nu namu ka batur. Tara singna ieuh ngadon betah salalamina. Kapan mungguh ilmu fiqih oge, anu namina tamu mah watesna teh mung tilu dinten. Langkung sakitu mah tos teu janten tamu deui namina. Nu mawi, ilaharna namu mah sok purat-perot permios. Dapon kaperyogian parantos didugikeun, enggal bae pamitan. Enggal wangsul deui. Upami parantos wangsul deui mah, dangdosan, anggah-ungguh nu dilampahkeun waktos namu, ucapan-ucapan anu lemes sareng merenah sakumaha nu dikedalkeun salami namu, dirobih deui sakumaha biasana. Raksukan digentos deui ku nu paranti sadidinten. Pon kitu deui anggah-unguh sareng basa, enggal dirobih deui. Kitu ilaharna anu namu ka manusa.
Peupeujeuh, namu ka Alloh mah teu kengeng kitu. Namu ka Alloh mah teu aya watesna, teu aya pamitanana. Nu sok enggal pamitan mah, nu teu betahan namu ka Alloh. Upami lebet ka masjid, teu betaheun calik lami dina sajadah, da manah kabujeng ateul ku pibatieun. Upami saum, nembe oge kaping tilu Romadhon, tos puyeng ngemutan kaping hiji Syawal, da teu betah tea namu ka Alloh. Teu benten sareng nu munggah haji, kapan. ka Mekah oge teu acan jung, ka unggal jalmi tos nyuhunkeun didoakeun mulang. Ibadah hajina oge teu acan prak, tos nyuhunkeun didu’akeun mulang. Namuna oge teu acan, tos teu betah manten. Eta ibadah, dugi ka kituna!.
Namu ka Alloh mah teu aya wangsulna, sakalina urang dongkap ka Alloh, ngalangkungan lawang tobat, omat kedah istikomah. Nu kawitna sok hare-hare upami nguping adzan. Nu kawitna koret sareng delitan. Nu kawitna langki anjangsono ka baraya sareng tatangga. Upami parantos namu ka Alloh, robih ku lalawanana. Upami parantos robih, kedah istiqomah. Da istiqomah teh cirining ihlas.
Otonomi
Sakaterang urang, ti jaman Rosululloh dugi ka ayeuna pamarentah Arab Saudi teu acan kantos ngadamel stempel haji mabrur. Ti kapungkur dugika ayeuna, Departemen Agama RI, teu acan kantos ngaluarkeun bisluit haji mabrur. Ti kapungkur dina nalika jumeneng keneh Rasululloh sareng parasohabatna, nu munggah haji teh tara wet ieuh dipilihan. Ieu anu mabrur, itu anu henteu. Ieu nu maqbul, itu anu henteu. Tara, tara dipilih sapertos kitu.
Naon margina? Margi nu disebat mabrur mah sifatna teh otonomi. Nu ngamabrurkeun teh sanes Mekah, sanes Madinah sareng Jedah. Sanes cai zam-zam sareng sorban. Nanging nu baris ngamabrurkeun teh lembur urang sewang-sewangan. Nu jengkar ti Sumedang, baris dimabruskeunana teh ku Sumedang. Pon kitu deui anu jengkar ti Ciamis, Tasikmalaya. Banjar, sareng sajabina.
Teu kengeng ngalampahkeun haram teh, sanes di Mekkah wungkul. Teu kenging pasea paheuras-heuras genggerong teh, sanes di Mekkah wungkul . Teu kengeng aya basa, ulah pasea, da ieu teh di Mekkah. Ke lamun rek pasea mah mun geus mulang ka Indonesia! Omat, teu kengeng kitu. Anu balukarna teh, tiasa repeh rapihna mung ukur di Mekkah. Ari parantos dugi ka Majalengka mah, parantos dugi ka Jakarta mah, hoghag deui pasea balukar pulitik, bati, furuiyah sareng sajabina. Atuh teu mabrur hajina teh. Nu kitu mah disebatna teh ”jadi haji”. Sanes haji jadi! Namu ka Alloh-na teh, teu istiqomah. Teu ihlas. Nu ngabalukarkeun ganjaran ibadah hajina palid duka ka mana.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar