Selasa, 23 Desember 2008

DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG WALIWIS

Dongeng
Sakadang Kuya jeung Waliwis
Aya manuk waliwis, geus lila pisan kakalayangan. Hiber ka ditu ka dieu néangan tempat anu aya caian sugan manggih. Puguh usum halodo loba sawah kasaatan, walungan taya caian. Sajaba ti ngarasa lapar jeung hanaang téh lalimpeu deuih da puguh hara-haraeun ku hakaneun, hésé néangan pacokkeun.
Kabeneran anjog ka hiji sisi talaga anu masih kénéh aya caian sanajan teu camaplang sabiasa. Atuh batu jeung keusik patingborélak luhurna teu kakeueum. Lauk laleutik jeung nu rada badag ngagonyok dina kukulahan anu kawatesan ku babatuan.
“Lakadalah, milik gedé geuning keur urang ieuh, teu kudu hésé néangan pacokkeun. Tuh ténjo jelér patingalajret, paray tingkarocépat mabok kasaatan pasesedek dina kulah, hayu urang pacokan saseubeuhna!” ceuk waliwis ka bikangna.
Teu talangké deui waliwis macokan lauk, teu lila ogé telihna geus ngajarendol. Keur kitu, kodomang-kodomang aya kuya jalu mandahna di éta talaga nyampeurkeun manuk waliwis.
“Héh ki Silah, genah galeuh wé cok am kana hakaneun kula, naha teu nyaho nu ngageugeuh di dieu téh kula? Andika kumawani culunan-celenun teu tata pasini heula macokan angonan jeung hakaneun kula. Hayoh ka ditu geura nyingkah teu boga kaéra!”
Manuk waliwis jalu jeung bikang téh papelong-pelong jeung silih rérét baé bakating ku éra jeung teu bisa buru-buru ngajawab. Sanggeus aya nu kapikir pijawabeunana, pok wé waliwis nyarita.
“Hampura wé atuh da teu terang, katurug-turug kuring duaan téh keur langlayeuseun geus lila teu manggih pacokeun da di tempat kuring keur susah ku cai. Panuhun kuring ulah diusir da puguh sieun kalaparan.Sugan wé kula bisa ulun kumawula ka warga sisi talaga”
“Sukur ari kitu mah, malaur aya kahayang ti baheula, nya ayeuna kuring rék merih pati ka andika da anjeun mah dikadarkeun boga jangjang. Kula téh hayang nyaho awang-awang, hayang nyaho nyéngcélakna talaga. Kula bawa hiber ku andika, naha sanggup? Mun sanggup anjeun baris diaku jadi rayat di dieu. Ngan mun teu sanggup kudu indit ulah kumawani laha-loho deui ka dieu.”
Ngadéngé paménta kitu, waliwis bati bingungna. Duanana ukur silihrérét. Keur mikir, bréh ku waliwis jalu kaciri aya pangpung limus ngagolér.
“Ah rék dicoba wé diasongkeun akal ti aing,” ceuk gerentes waliwis jalu.
“Kumaha sanggup?”
“kieu we atuh ayeuna mah, tuh aya pangpung, pek gegel ku anjeun, engke katuhueun jeung kencaeun digégél ku kula jeung ku pamajikan kula. Hayu ku kula dibawa hiber ka awang-awang. Ngan omat, bisi aya titingalian anu anéh, ulah rék sagala tetelepék kumawani rék nanyakeun. Kumaha kira-kirana sanggup?”
Awas siap nya, hiji, dua, tilu.., waliwis jalu méré komando. Gep kana pangpung gégéleun manéhna, biur wé dibawa ngapung digotong ku duaan. Sanggeus ngapungna rada lila, kuya camgkeuleun, lat poho kana wawadi ti waliwis, kakarék ogé engab rék nanyakeun lila kénéh atawa sakeudeung nyabana, koléang awakna ngoléang ti awang-awang, lésot tina pangpung pangégélanana. Gejrét ninggang batu namprak, ancur teu mangrupoa deui.
Waliwis sajodo ogé gentak ngaleupaskeun pamatukna tina ngégél pangpung, ngan teu kaburu nulungan. Manéhna ukur bisa ngaheruk nyanghareupan bugang kuya.
Ti harita di pilemburan mah lamun di girang aya kuya ngababatang caina kabawa ngocor ka hilir, kabeneran kaseuseup ku bangsa waliwis, éntog, atawa séjénna ngadadak awakna lumpuh taya tanaga. Cenah katulah sabab barétona kungsi nyilakakeun kuya. (Akub Sumarna)

1 komentar:

  1. ,,Wah Alus nya DonGEng TEh,,,
    ,,,
    KIeu Atuh Abdi TEh Nju PErlu ,,
    ,,,Nuhun Pisan Atunya KANu Ngadamelna,,,
    Sakali Deui Hatur Nhun NYa....^^

    BalasHapus