Minggu, 28 Desember 2008

Waditra Angklok

Ti bihari nepi ka kiwari awi gede kontribusina kana kahirupan urang Sunda, kaasup kana kamekaran kasenian. Sabab awi mibanda pirang-pirang pungsi jeung mere lolongkrang keur numuwuhkeun ide atawa gagasan keur medalkeun karya cipta. Salahsahijina waditra, dina bab waditra samemeh gamelan jeung waditra sejenna asup ka tatar Sunda di Sunda geus pabalatak pakakas seni anu rahabna tina awi. Mun tea kiwari muncunghul waditra anyar nu bahana tina awi, eta teh teu leupas tina kasangtukang sajarah jeung budaya urang Sunda anu dalit jeung awi.
Salasahiji hasil kabinangkitan waditra tina awi nyaeta “Angklok” hasil karya DaseF Arifien Wangsadipura.
Jirimna meh ampir sarua jeung gambang, ngan dina lebah struktur jeung bentuk rada beda. Anu ngabedakeun dina lebah anatomi jeung rarangken, angklok jirimna teu kawasa tamela, warugana datar, tapi dina lebah wilahan sarimbag. Wilahan keur nada handap aya beulah kenca, sarta jirimna leuwih panjang, beuki ka luhur nadana jirimna leuwih leutik.
Bagean ancakna disebut waruga atawa parungpung, pungsina lian ti keur wadah wilahan oge keur ngawadahan geter sora, wilahan diteundeunna di selapkeun dina luhur parungpung, bentuk wilahan gepeng, panjang jeung kandelna gumantung kana nada, mun nadana handap, pasti leuwih kandel jeung leuwih panjang.
Jumlah nada wilahan tina sagembyang aya 13 (tilu belas nada), runtuyan wilahanana, di mimimitian tina 1 (Da) atawa barang, sarta anu panungtung nada 3 (na) atawa panelu. Leuwih jentrena runtuyan wilahan sacara gembleng kawas kieu :

1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 1 2

3


Pola tabeuhna ka hiji : Kentrung Wulung nyaeta teknik nabeuh keur manceran atawa macakal, jeung ngaggeran wirahma, pola anu ka dua nyaeta : Salokop, pungsina keur ngentrungan atawa ngalilit atawa meulit, pola anu ka tilu nyaeta : Kemprang merang, nyaeta teknik tabeuh puruluk, pungsina keur mapaes lagu, ku cara nyieun rupa-rupa geter sora.
Angklok mibanda dua rupa waruga, ka hiji angklok indung ka dua angklok madia, pungsina kawas kacapi indung jeung kacapi rincik, angklok indung keur manceraran lagu sedengkeun angklok madia pungsina keur panempas. Tiap mirig lagu teu weleh silih eusian jeung silih tempas, jeung silih engklokan.
Larasna pelog jeung salendro, lagu nu sok dipidangkeun Siuh, Wehwer, Rungkun Karuhun, Ngaronda jeung Jangkrik awi.
Di takolna ku dua leungeun, masing-masing leungeun mibanda pungsi sewang-swangan, leungeun katuhu pungsina keur manceran wirahma atawa lulugu lagu, sedengkeun leungeun kenca keur ngarueruerues atawa mere ornament. *** NMD.

Selasa, 23 Desember 2008

DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG WALIWIS

Dongeng
Sakadang Kuya jeung Waliwis
Aya manuk waliwis, geus lila pisan kakalayangan. Hiber ka ditu ka dieu néangan tempat anu aya caian sugan manggih. Puguh usum halodo loba sawah kasaatan, walungan taya caian. Sajaba ti ngarasa lapar jeung hanaang téh lalimpeu deuih da puguh hara-haraeun ku hakaneun, hésé néangan pacokkeun.
Kabeneran anjog ka hiji sisi talaga anu masih kénéh aya caian sanajan teu camaplang sabiasa. Atuh batu jeung keusik patingborélak luhurna teu kakeueum. Lauk laleutik jeung nu rada badag ngagonyok dina kukulahan anu kawatesan ku babatuan.
“Lakadalah, milik gedé geuning keur urang ieuh, teu kudu hésé néangan pacokkeun. Tuh ténjo jelér patingalajret, paray tingkarocépat mabok kasaatan pasesedek dina kulah, hayu urang pacokan saseubeuhna!” ceuk waliwis ka bikangna.
Teu talangké deui waliwis macokan lauk, teu lila ogé telihna geus ngajarendol. Keur kitu, kodomang-kodomang aya kuya jalu mandahna di éta talaga nyampeurkeun manuk waliwis.
“Héh ki Silah, genah galeuh wé cok am kana hakaneun kula, naha teu nyaho nu ngageugeuh di dieu téh kula? Andika kumawani culunan-celenun teu tata pasini heula macokan angonan jeung hakaneun kula. Hayoh ka ditu geura nyingkah teu boga kaéra!”
Manuk waliwis jalu jeung bikang téh papelong-pelong jeung silih rérét baé bakating ku éra jeung teu bisa buru-buru ngajawab. Sanggeus aya nu kapikir pijawabeunana, pok wé waliwis nyarita.
“Hampura wé atuh da teu terang, katurug-turug kuring duaan téh keur langlayeuseun geus lila teu manggih pacokeun da di tempat kuring keur susah ku cai. Panuhun kuring ulah diusir da puguh sieun kalaparan.Sugan wé kula bisa ulun kumawula ka warga sisi talaga”
“Sukur ari kitu mah, malaur aya kahayang ti baheula, nya ayeuna kuring rék merih pati ka andika da anjeun mah dikadarkeun boga jangjang. Kula téh hayang nyaho awang-awang, hayang nyaho nyéngcélakna talaga. Kula bawa hiber ku andika, naha sanggup? Mun sanggup anjeun baris diaku jadi rayat di dieu. Ngan mun teu sanggup kudu indit ulah kumawani laha-loho deui ka dieu.”
Ngadéngé paménta kitu, waliwis bati bingungna. Duanana ukur silihrérét. Keur mikir, bréh ku waliwis jalu kaciri aya pangpung limus ngagolér.
“Ah rék dicoba wé diasongkeun akal ti aing,” ceuk gerentes waliwis jalu.
“Kumaha sanggup?”
“kieu we atuh ayeuna mah, tuh aya pangpung, pek gegel ku anjeun, engke katuhueun jeung kencaeun digégél ku kula jeung ku pamajikan kula. Hayu ku kula dibawa hiber ka awang-awang. Ngan omat, bisi aya titingalian anu anéh, ulah rék sagala tetelepék kumawani rék nanyakeun. Kumaha kira-kirana sanggup?”
Awas siap nya, hiji, dua, tilu.., waliwis jalu méré komando. Gep kana pangpung gégéleun manéhna, biur wé dibawa ngapung digotong ku duaan. Sanggeus ngapungna rada lila, kuya camgkeuleun, lat poho kana wawadi ti waliwis, kakarék ogé engab rék nanyakeun lila kénéh atawa sakeudeung nyabana, koléang awakna ngoléang ti awang-awang, lésot tina pangpung pangégélanana. Gejrét ninggang batu namprak, ancur teu mangrupoa deui.
Waliwis sajodo ogé gentak ngaleupaskeun pamatukna tina ngégél pangpung, ngan teu kaburu nulungan. Manéhna ukur bisa ngaheruk nyanghareupan bugang kuya.
Ti harita di pilemburan mah lamun di girang aya kuya ngababatang caina kabawa ngocor ka hilir, kabeneran kaseuseup ku bangsa waliwis, éntog, atawa séjénna ngadadak awakna lumpuh taya tanaga. Cenah katulah sabab barétona kungsi nyilakakeun kuya. (Akub Sumarna)

KHUTBAH JUM'AT

Otonomi Haji Mabrur
Khotib: Ali Nurdin

“Ari usum haji sawatara bulan anu geus ditangtukeun. sing saha anu keur ngalakonan ibadah haji dina bulan-bulan eta henteu meunang pisan ropats, jeung teu meunang pisan fusuq, jeung teu meunang pasea paheuras-heuras genggerong sabot ngalakonan ibadah haji,” (Q.S. 2: 197).
”Haji mabrur teh langkung sae batan dunya sareng saeusina, sareng teu aya wawalesna, haji mabrur sajabi ti sawarga.” (H.R. Bukhori Muslim ti Abu Hurairoh).

Upama aya jalma nu bade angkat ka Mekkah, bade ngalaksanakeun ibadah haji, sok benten ketakna. Seueur anu robih rengkak sareng paripolahna. Anu sadidintenna ulukutek di toko, janten resep ider-ideran, ngadon silaturrahmi. Anu sadidintenna teu weleh sibuk sareng urusan kantor, janten resep umanjang silaturrahmi. Malih anu biasana kucem kurang nyarita oge, ngadadak robih janten sonagar, leukeun jajaluk pangapunten. Da basana teh, bade ngantunkeun lemahcai. Bade jengkar kat Baet Alloh.
Kituna teh tangtos oge sanes naon-naon, nanging estuning baningku ngaraos bingah manah, wirehna ku Alloh dipercanten tiasa ngalakonan Rukun Islam anu nomer lima. Mangkaning rukun Islam anu ieu mah, teu tiasa dilakonan ku sagawayah jalmi. Kawantos aya sarat manistatho’a-na (mampuh mayar ongkos jeung sagala rupina, red) tea.
Ku jalaran eta, kanggo nu ku Alloh dikersakeun tiasa ngalaksanakeun ibadah haji, kedah ngaraos bingah kacida. Kedah ngaraos reueus. Sujud syukurna oge, teu kenging ngaraos cekap ukur sakali dua kali. Margi urang bade janten tamu Alloh. Sanes tamu Ka’bah, sanes tamu Raja Arab. Sakali deui, baris janten tamu Alloh.
Kumaha kedahna ari janten tamu Alloh teh? Naha leres urang parantos sayogi, atanapi sasayogian, kanggo janten tamu Alloh?
Ilaharna upama aya nu namu ka batur. Tara singna ieuh ngadon betah salalamina. Kapan mungguh ilmu fiqih oge, anu namina tamu mah watesna teh mung tilu dinten. Langkung sakitu mah tos teu janten tamu deui namina. Nu mawi, ilaharna namu mah sok purat-perot permios. Dapon kaperyogian parantos didugikeun, enggal bae pamitan. Enggal wangsul deui. Upami parantos wangsul deui mah, dangdosan, anggah-ungguh nu dilampahkeun waktos namu, ucapan-ucapan anu lemes sareng merenah sakumaha nu dikedalkeun salami namu, dirobih deui sakumaha biasana. Raksukan digentos deui ku nu paranti sadidinten. Pon kitu deui anggah-unguh sareng basa, enggal dirobih deui. Kitu ilaharna anu namu ka manusa.
Peupeujeuh, namu ka Alloh mah teu kengeng kitu. Namu ka Alloh mah teu aya watesna, teu aya pamitanana. Nu sok enggal pamitan mah, nu teu betahan namu ka Alloh. Upami lebet ka masjid, teu betaheun calik lami dina sajadah, da manah kabujeng ateul ku pibatieun. Upami saum, nembe oge kaping tilu Romadhon, tos puyeng ngemutan kaping hiji Syawal, da teu betah tea namu ka Alloh. Teu benten sareng nu munggah haji, kapan. ka Mekah oge teu acan jung, ka unggal jalmi tos nyuhunkeun didoakeun mulang. Ibadah hajina oge teu acan prak, tos nyuhunkeun didu’akeun mulang. Namuna oge teu acan, tos teu betah manten. Eta ibadah, dugi ka kituna!.
Namu ka Alloh mah teu aya wangsulna, sakalina urang dongkap ka Alloh, ngalangkungan lawang tobat, omat kedah istikomah. Nu kawitna sok hare-hare upami nguping adzan. Nu kawitna koret sareng delitan. Nu kawitna langki anjangsono ka baraya sareng tatangga. Upami parantos namu ka Alloh, robih ku lalawanana. Upami parantos robih, kedah istiqomah. Da istiqomah teh cirining ihlas.
Otonomi
Sakaterang urang, ti jaman Rosululloh dugi ka ayeuna pamarentah Arab Saudi teu acan kantos ngadamel stempel haji mabrur. Ti kapungkur dugika ayeuna, Departemen Agama RI, teu acan kantos ngaluarkeun bisluit haji mabrur. Ti kapungkur dina nalika jumeneng keneh Rasululloh sareng parasohabatna, nu munggah haji teh tara wet ieuh dipilihan. Ieu anu mabrur, itu anu henteu. Ieu nu maqbul, itu anu henteu. Tara, tara dipilih sapertos kitu.
Naon margina? Margi nu disebat mabrur mah sifatna teh otonomi. Nu ngamabrurkeun teh sanes Mekah, sanes Madinah sareng Jedah. Sanes cai zam-zam sareng sorban. Nanging nu baris ngamabrurkeun teh lembur urang sewang-sewangan. Nu jengkar ti Sumedang, baris dimabruskeunana teh ku Sumedang. Pon kitu deui anu jengkar ti Ciamis, Tasikmalaya. Banjar, sareng sajabina.
Teu kengeng ngalampahkeun haram teh, sanes di Mekkah wungkul. Teu kenging pasea paheuras-heuras genggerong teh, sanes di Mekkah wungkul . Teu kengeng aya basa, ulah pasea, da ieu teh di Mekkah. Ke lamun rek pasea mah mun geus mulang ka Indonesia! Omat, teu kengeng kitu. Anu balukarna teh, tiasa repeh rapihna mung ukur di Mekkah. Ari parantos dugi ka Majalengka mah, parantos dugi ka Jakarta mah, hoghag deui pasea balukar pulitik, bati, furuiyah sareng sajabina. Atuh teu mabrur hajina teh. Nu kitu mah disebatna teh ”jadi haji”. Sanes haji jadi! Namu ka Alloh-na teh, teu istiqomah. Teu ihlas. Nu ngabalukarkeun ganjaran ibadah hajina palid duka ka mana.***

ESEY

Naha Urang bet Disebut “urang Sunda”?
Ku: Tatang Sumarsono

Kecap sunda dina jaman ayeuna ngarujuk kana ngaran étnik (sélér atawa suku bangsa) anu dumuk di Nusantara: sélér Sunda atawa urang Sunda. Ti dinya ngarunday sawatara istilah séjénna anu ngamuarana mah angger kana étnik-étnik kénéh: budaya Sunda, basa Sunda, seni Sunda, tatakrama Sunda, potongan imah Sunda, kadaharan Sunda, busana Sunda, jeung sapapadana. Bisa waé istilah heubeul anu digéndéng ku kecap sunda téh nungtutan leungit, terus diganti ku istilah alanyar.
Tangtu waé dipakéna éta istilah téh dumasar kana kanyataan yén aya basa, seni, tatakrama, potongan imah, busana, jeung babagian tina kahirupan séjénna anu dianggap geus jadi milik has urang Sunda. Basa Sunda, upamana, apan teu sarua jeung basa Jawa, da éta mah milik has urang Sunda. Potongan imah Sunda, masing kalah kumaha ogé loba bédana jeung potongan imah Jawa, Bali, Dayak, atawa étnik lianna di Indoneéia. Hanas aya unsur anu sarua, hal éta mah wajar waé.
Tapi, saenyana ti iraha kecap sunda téh larapna kana étnik? Atawa pertanyaanana bisa kieu: ti mimiti iraha urang téh bet disebut urang Sunda? Naha ti baheula mula, ti barang di ieu wewengkon mimiti aya pangeusina? Atawa, mimiti disebut urang Sunda téh sanggeus rada béh dieu, béh dieu?
Pikeun ngajawabna, tangtu kudu dipaluruh dina galur sajarah. Ngan masalahna, sumber sajarah di Sunda téh dianggap minim. Pikeun ngungkab kahirupan dina jaman rébuan ka tukang, urang ukur bisa ngandelkeun hasil panalungtikan arkéologi, da tacan/henteu manggihan bukti tinulis. Nya ku sabab éta, sok disebut jaman prasajarah.
Dumasar kana hasil panalungtikan widang géologi, dina enas-enasna mah (ésénsina), wewengkon anu disebut Tanah Sunda téh geus aya ti mimiti Pulo Jawa ngabentuk, kurang leuwih 26 juta taun ka tukang. Ti iraha mimiti aya pangeusina, jeung naha harita geus disebut urang Sunda, wallohualam, da tacan aya bukti sajarahna téa.
Sacara historis, tokoh anu pangheulana aya dina sajarah kahirupan jeung peradaban manusa Sunda téh nyaéta Purnawarman. Ieu pamadegan téh dumasar kana kapanggihna bukti-bukti tinulis dina bentuk prasasti (aya anu disebut prasasti Cidangiang, Tugu, Ciaruteun, jeung Koléangkak).
Kawin campuran
Dumasar kana bukti anu geus aya, formalna mah mangsa awal sajarah Sunda téh ti mimiti ngadegna Karajaan Tarumanagara. Éta karajaan geus mimiti mekar dina pertengahan abad ka-5 M, waktu anu jeneng rajana ngaran Purnawarman. Naha dina jaman harita geus aya kecap sunda anu nuduhkeun étnik? Lamun dititénan, dina éta opat prasasti téh tétéla teu nyabit-nyabit Sunda, malah apan ditulisna ogé lain dina basa Sunda, kitu deui aksarana. Karuhun Purnawarman ogé apan asalna ti wewengkon India, najan ka dieunakeun mah lumangsung perkawinan campuran jeung penduduk lokal.
Kecap sunda mimiti digunakeun sacara mandiri ti sanggeusna ngadeg Karajaan Sunda. Tapi, legana wewengkon éta karajaan téh teu ngurung salegana Tanah Sunda (kiwari Jawa Barat, ditambah Banten jeung sabagian wewengkon Jawa Tengah). Wewengkon Karajaan Sunda ukur nempatan sabagian tina Tanah Sunda, sabab dina alam harita di Tanah Sunda teh geus aya sawatara karajaan lianna anu mandiri, anu lain jadi bagian tina kakawasaan Raja Sunda.
Dina ahir abad ka-7, Karajaan Tarumanagara tumpur. Aya anu boga pamanggih yén runtuhna téh sanggeus dijorag ku pasukan Sriwijaya. Ti harita, les waé teu kapanggih deui titinggalna dina bukti tinulis anu bisa dipaké sumber panalungtikan sajarah.
Ti saruntuhna Tarumanagara, di Tanah Sunda ngadeg dua karajaan: Sunda jeung Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa, wewengkonna di beulah kulon, ari Karajaan Galuh diadegkeun ku Wretikandayun, lokasina aya di wétaneunana. Ari anu dipaké tapel watesna Walungan Citarum.
Béda jeung Karajaan Tarumanagara anu puseur dayeuhan di basisir, Karajaan Sunda jeung Galuh mah jauh ti laut. Puseur dayeuh Karajaan Sunda ayana di Pakuan (ayeuna disebutna Bogor). Ari puseur dayeuh Karajaan Galuh mah ayana di Bojong Galuh, terus dipindahkeun ka Kawali (ayeuna aya di wewengkon Ciamis). Lokasi Pakuan kurang leuwih 70 km ti basisir kalér. Ari Bojong Galuh mah leuwih jauh deui, nyaéta 90 km, kitu deui Kawali anu anggangna ti basisir kurang leuwih 75 km.
Ti mangsa awal ngadegna, kira-kira ahir abad ka-7 atawa awal abad ka-8, Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh silih eusian kana runtuyan jeung galur sajarah, tepi ka abad ka-16 M. Hanas Sunda lain Galuh, jeung Galuh ogé lain Sunda, éta mah mémang kitu kanyataanana.
Kasawang ku urang anu hirup dina jaman ayeuna, di beulah kulon aya Pakuan, di wétan aya Kawali. Duanana nyakrawati di wewengkon anu ayeuna disrebutTanah Sunda. Saenyana harita téh masih kénéh aya karajaan laleutik (lokal) lianna, upamana Kendan, Galunggung, Arileu, Saunggalah, jeung Kuningan. Éta karajaan laleutik téh sakapeung jadi bawahan Karajaan Sunda, séjén waktu jadi bawahan Karajaan Galuh, atawa ngadeg mandiri teu ngadunungan ka sasaha.
Najan di dieu disebutkeun “bawahan”, tapi saenyana éta karajaan laleutik téh lain dina status jajahan. Ari sababna, sistem pamaréntahan anu dianut dina mangsa harita téh mun ceuk élmu tata nagara mah disebutna fédérasi (teu béda ti nagara bagian lamun dina pamaréntahan modéren kiwari mah). Cindekna, di sagigireun dua puseur kakawasaan (anu hiji aya di Sunda, anu hiji deui aya di Galuh), karajaan laleutik tetep boga kadaolatan sorangan.
Kasawangna téh dina alam harita, di wewengkon anu ayeuna disebut Tanah Sunda aya anu disebut urang Galuh, urang Galunggung, urang Saunggalah, urang Kendan, jeung urang Sundana sorangan (jigana téh teu béda ti lamun ayeuna urang nyebut urang Ciamis, urang Tasik, urang Kuningan, urang Bogor, jeung saterusna). Anu disebut urang Sunda harita mah apan tacan nyakup sagemblengna pangeusi Tanah Sunda
Aya hal nu matak kataji, boh Karajaan Sunda boh Karajaan Galuh, diadegkeunana téh méh bareng, dina lahan anu asalna dikawasa ku Karajaan Tarumanagara. Duanana remen aya dina posisi satata, tur dina kamekaran saterusna aya mangsana hubungan éta dua karajaan téh jadi dalit, najan mungkin waé dina mangsa séjénna mah kungsi ngalaman rengkeng. Raketna Sunda jeung Galuh téh sakapeung alatan katalian ku hubungan kakulawargaan ngaliwatan prosés perkawinan. Éta sababna kungsi kajadian aya turunan Galuh jadi raja di Sunda, upamana Sanjaya (turunan Galuh) anu kawin ka Téjakancana (turunan Sunda), atawa Sri Baduga (turunan Galuh) anu kawin ka Kentringmanik (turunan Sunda). Kungsi deuih anu jadi raja di Galuh jeung di Sunda téh adi-lanceuk, nyaéta Susuk Tunggal (di Sunda) jeung Ningrat Kancana (di Galuh).
Dina lebah saha anu nyekel kakawasaan pangluhurna, hal ieu ogé sakapeung piligenti. Dina hiji mangsa (1311-1482), Sunda aya di sahandapeun Galuh. Tapi dina mangsa saterusna (1482-1579) Galuh anu aya di sahandapeun Sunda. Dina kondisi kawas kitu, pusat kakawasaan ogé sok pipindahan. Sakapeung aya di Pakuan, sakapeung aya di Kawali.
Sunda dina posisi musuh
Timbul pertanyaan, naha Sunda jeung Galuh téh kungsi béntrok fisik atawa perang? Tina data sajarah anu geus kaungkab, hal éta tacan kungsi kajadian. Najan kitu, jigana ari dina urusan béda pamanggih mah aya waé, malah mungkin timbul friksi dina suasana anu kurang harmonis mah, ngan teu tepi ka nimbulkeun peperangan.
Ngan, aya hiji kahéran, anu jigana mah kudu ditalungtik deui ku para ahli sajarah, nyaéta lamun urang maca naskah Amanat Galunggung. Di dinya aya bagian anu nuduhkeun yén Sunda jeung Galuh kungsi kurang harmonis, tepi ka méh waé dianggap musuh. “Jaga dapetna pretapa dapetna pegengeun sakti; beunangna ku Sunda, Jawa, Lampung, Baluk, banyaga nu dék ngarebutna kabuyutan na Galunggung (Mangka waspada, kamungkinan direbutna kamulyaan jeung cecekelan kasaktén ku Sunda, Jawa, Lampung, Baluk, para padagang—maksudna urang asing anu rék ngarebut kabuyutan Galunggung).”
Timbul pertanyaan, naha dina éta naskah tepi ka disebut kitu; yén Sunda disajajarkeun jeung Jawa atawa Lampung anu rék ngarebut kajayaan (maksudna ngajajah)? Hal ieu jadi hiji kapanasaran, duméh dina Amanat Galunggung ditétélakeun yén Sunda téh aya dina posisi musuh. Enya, apan ari anu ngarebut kajayaan mah disebutna musuh téa.
Prof. Edi S. Ekadjati dina bukuna, Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, nétélakeun yén pangna tepi ka bisa kitu téh aya dua kamungkinan. Kahiji, anu nyusun naskah Amanat Galunggung kaliru waktu nuliskeun kecap sunda, sabab dina bagian saterusna mah teu kungsi disabit-sabit deui; yén anu boga poténsi ngarebut kajayaan téh Jawa, Lampung, Baluk, ditambah Cina. Kadua, mungkin waé anu nyusun naskah Amanat Galunggung téh oriéntasina ka Galuh; anu matak Sunda diposisikeun jadi “lawan”.
Mana anu bener, wallohualam.
Balik deui kana pasualan poko, ti iraha kecap sunda mimiti dilarapkeun pikeun sakumna pangeusi Tanah Sunda, tepi ahirna urang saréréa ayeuna disebut urang Sunda (lain urang Galuh atawa urang Galunggung, upamana)?
Prof. Edi ngasongkeun pamanggih, pikeun bangsa-bangsa piluaran mah, karajaan anu sohor di Tanah Sunda téh nya Karajaan Sunda. Contona sakumaha anu ditulis ku bangsa Portugis dina abad ka-16; yén Karajaan Sunda téh ngawengku sagemblengna Tanah Sunda, tur padahal dina alam harita masih kénéh aya Karajaan Galuh jeung karajaan lokal lianna. Bisa jadi dina abad ka-16 mah anu dianggap pangkuatna (ku nagara asing) téh Karajaan Sunda, tepi ka ahirna dikumkeun waé yén Tanah Sunda téh idéntik jeung Karajaan Sunda. Kitu deui pangeusina cukup ku disebut urang Sunda.
Nincak abad ka-17, Karajaan Sunda carem, kitu deui Galuh jeung karajaan laleutik lianna. Tapi, ari pangeusina mah angger aya, da anu robah téh kakawasaan rajana wungkul. Ti harita, Tanah Sunda direcah ku Mataram, anu ngalantarankeun bédana Sunda jeung Jawa téh beuki témbrés waé, pangpangna dina widang pulitik (Jawa anu ngajajah, Sunda anu dijajah).
Najan ukur sabéngbatan, tina pedaran bieu kagambar yén ti sanggeusna dieréh ku Mataram, sesebutan urang Sunda dilarapkeun pikeun nuduhkeun étnik téh, pikeun ngabédakeun jeung urang Jawa anu jadi dununganana. Tug tepi ka ayeuna, urang saréréa disebut urang Sunda.
Dina jaman kolonial, sesebutan urang Sunda téh ngarujuk ka pangeusi (sabagian gedé Jawa Barat) anu miboga ciri budaya mandiri. Enya, apan istilah Jawa Barat gé dijieunna ku Walanda waktu ngabagi-bagi wilayah administratif pamaréntahan, lain cék kahayang urang Sunda. Jigana, mun téa mah karuhun urang baheula boga kakawasaan, lain jadi pihak anu kumawula, tangtuna gé bakal nolak mun wewengkonna disebut Jawa Barat, sabab pastina gé bakal tetep milih istilah Tanah Sunda atawa Tatar Sunda. Enya, da urang mah lain Jawa, masing diémbohan ku kecap barat gé.***

SAJAK SUNDA

Sajak-sajak
Rosyid É. Abby


Simponi Diri

jalan satapak. Ukur milangan léngkah
mapay-mapay sisi wahangan. Teu nyaho
ka mana brasna; Rémbét kakayon angger kénéh
nyaliara na jajalaneun
sorangeun

jalan satapak. Ukur milangan tapak
jeung tapak. Mayakpak kembang na tangkal samoja
liliwatan jalan. Ukur nurihkeun kalewang
ngalungkawing

jalan ning éstu ngabulungbung
tapi diri teu bisa mangprung

2005


Sajak Nineung
- Haturan; Bapa

Pa,
ning langit masih kénéh géhéng
nyésakeun bangkarak panonpoé
na jiwa nu dicangkalak ku rasa katandasa;
Asa can cacap ieu kakangen nyaliara
satungkebing rasa

Pa,
ning méga masih kénéh tutung
nyésakeun bangkarak impian
dina réma-réma salira nu ngulapés
héman ku kanyaah;
Asa can lubar kapeurih
ngabatu dina waruga garba

2007


Simponi Karisi

kula can kungsi tibra saré na tangkeupan peuting-peuting nu jempling
sab nagri kula keur gunjang-ganjing
pirang-pirang batu koral diawurkeun ti langit
ngajadi bom waktu nu siap ngabeledug saban detik

kula can kungsi ponyo dahar na beurang-beurang nu bayeungyang
sab nagri kula keur bedah cimata
pirang-pirang balati pating belesat
ngarah-ngarah niruk sataranjang awak

kula can waka seubeuh seuri
mun nagri can walagri

2007



Reungeukeun

Reungeukeun, angin mawa tangara ti gunung-gunung
Mawa iber kahuruna leuweung di ponclot-ponclot gunung

Angin janari masih kénéh nyésakeun haleuang
Dina pirang-pirang rasa
Haeub hawa pagunungan nyongkab
Ngulibek di juru-juru kota
Di papat madhab
Di saban tempat

Reungeukeun sora angin ngaléor na rungkun-rungkun awi
Tinggedebruna dahan-dahan rungkad
Géhéng kabawa mangsa
Usum halodo

Reungeukeun ceurikna matapoé ngabangingik
Leungiteun héjona tangkal di gunung-gunung
Leungiteun nyacasna méga di langit

2006

DALEUNGDANGDING

Daleungdangding
Wahyu Wibisana

Asmarandana

Babakan Siliwangi Pun

Jalan rumpil meulit pasir,
jalan jajahan iraha,
kaol-kaol nu bareto,
cenah-cenah nu baheula,
duka bener henteuna,
Chikapundung nunjang ngidul
ngaraas embah ka wetan.

Bring indit ti Cipaganti,
bral ngetan ka Cihampelas,
harempoy ngadongdon Dago,
pudunan tuturugtugan,
tanjakan dedengklangan,
Tjikapoendoeng noendjang ngidoel,
nyukang abah lalaunan.

Pasir teh beuki bulistir,
beuki loba nu ngebonan,
ret ka lebah ret ka tonggoh,
Ciumbuleuit di mana,
ka Lembang beuki anggang,
Tjikapoendoeng noendjang ngidoel,
nyukang ema lalaunan.

Robah mangsa gilir wanci,
ngitung taun milang bulan,
poe-poe Lebak Gede,
pudunan reujeung tanjakan,
mana Bukit Jarian,
Tjikapoendoeng noendjang ngidoel,
jambatan manjang basajan.

Werit jaman revolusi,
tah enya di lebak dor-dar,
garis depan wates erel,
tentara lawan Walanda,
merdeka hey merdeka,
Tjikapudung nundjang ngidul,
caah umpalan ka lebak.

Beda jaman malih wanci,
jalan kota aaspalan,
ti Gandok jog ka Manteos,
jalan ngetan mudun nanjak,
gawir nawing di kenca,
Cikapundung nunjang ngidul,
jambatanana tohaga.

Asri Lebak Siliwangi,
ngala ngaran nu baheula,
nya ngagendeng Lebak Gede,
kacipta betah mabakan,
kaula titip ngaran,
Babakan Siliwangi pun,
ka Bapa Otje Djundjunan.

Senin, 22 Desember 2008

PENGAJARAN BASA

Dangdanggula
Matak keueung pacampur jeung sedih
dibarengan ku waas jeung kelar
sakapeung liumenyap haté
panineungan jarauh
nénjo cai nu hérang wening
ngumplang siga teu obah
bangun teu parurun
siga sungkan rék lumampah
kawas aya anu keur dianti-anti
ngadago nu rék siram

Wuwuh keueung nénjo leuweung kai
nu ngaroyom ngalingkung talaga
mani careudeum paroék
matak tariis punduk
turug-turug aya incuing
jeung tuweuw ngalelewang
kawas nyaram ancrub
nyarék ulah kokojayan
tonggérét mah nepi ka pating jarerit
nyaram ka nu rék siram

Hiur-hiur angin ngahiliwir
pikir keueung kaganti ku waas
mani nyerep kana haté
tiisna angin linduk
nebak ceuli haréwos leutik
kawas mawa talatah
ti nu keur dikantun
pikir nepi ka ngalenyap
sora curug sada sesegruk nu ceurik
nangis duméh ditilar

Henteu kudu jauh-jauh nyungsi
henteu kudu ka mancanagara
néangan tempat nu hadé
di urang ogé cukup
réa tasik anu raresik
talaga nu aréndah
situ nu aralus
sumawonna palataran
lebak waas gunung lucu pasir sari
Sunda harum ku ganda.
( Tina Parahiyangan)
Kecap-kecap anu hidep teu ngarti téangan dina Kamus Basa Sunda atawa taroskeun ka Ibu/ Bapa Guru Basa Sunda! Geus kaharti kabéh, pigawé pancén di handap!
Jawab panyanya di handap ieu!
1. Keur cicing di mana harita éta jelema téh?
2. Kumaha caina éta talaga téh?
3. Aya naon di sakurilingeun talaga téh?
4. Naon anu matak ngajadikeun jauh panineungan téh?
5. Naon ari anu matak keueung? Jeung naon anu matak waas di dinya téh?
6. Kumaha ari cai anu ngumplang katingalna?
7. Sora naon ari anu ngalelewang téh?
8. Kumaha barang hiliwir angin?
9. Naon anu kawas mawa talatah téh?
10. Kumaha ari sora curug kadéngéna?
11. Lamun hayang nempo patempatan anu aralus téh kudu di nagara lian baé?
12. Di mana aya tempat atawa talaga anu aralus téh? Pék tataan!
13. Ari palataran di mana anu kaceluk alus?
14. Di mana sakanyaho hidep tempat anu resik?
15. Pék kawihkeun éta pupuh téh, mun teu apal ménta bantuan ka guru hidep!



Ngébréhkeun Kabungah
Baca omongan di handap, hég tengetan nepi ka ngarti naon maksud jeung eusina!
1. “Alhamdulillah, kacida bingahna abdi tiasa katampi di SMP nu dicita-citakeun ti kapungkur, ah abdi bingah pisan Pa, asana moal aya babandinganana,” ceuk Uhan ka guruna.
2. “Keur mah hayang pisan sapatu Adidas téh, ari hég dibéré ku lanceuk, atuh puguh wé mani asa ditonjok congcot, rék diawét-awét lah,” ceuk Modin ka Umar babaturanana.
3. “Horéé teu tulus euy ulangan basa Sunda téh, Pa Mamadna rék rapat, wah pokona asa ngemplong soalna tadi peuting teu ngapalkeun,” ceuk Udin bari sasalaman ka Amin.
Cik ceuk hidep ngagambarkeun nu kumaha éta omongan-omongan téh?
Omongan di luhur téh ngagambarkeun kabungah sorangan ka batur. Dina émprona nyaritakeun kabungah biasana sok dibarengan ku pamulu jeung peta anu bungah kacida. Ari cara ngébréhkeunana, bisa basa lemes, sedeng, gumantung kana kaayaan. Paroman jeung tingkah laku bisa jadi panganteb dina ngébréhkeun kabungah téa. Pék geura tilu kalimah di luhur téh ku hidep petakeun, sing bener lentongna, réngkak paripolahna, jeung paromanna!

Pék caritakeun ku hidep, upama hidep meunang kabungah sabab :
1. Meunang peunteun gedé dina ulangan
2. Aya nu nulungan basa katabrak motor
3. Jadi juara kelas


Rarangkén tengah –ar-, -al-
Rarangkén tengah nya éta rarangkén anu diselapkeun kana wangun dasar kecapna. Rarangkén tengah dina basa Sunda aya tilu nya éta –ar-, -um-, jeung –in-. Rarangkén tengah –um-, jeung –in- geus dipedar basa kelas hiji. Ayeuna urang pedar rarangkén tengah –ar-jeung –al-.
Tengetan contoh di handap ieu:
1. Barudak keur arulin di buruan.
2. Sok geura arasup tong arulin waé urang mimiti dialajar.

Dina kalimah kahiji aya kecap barudak anu ngabogaan rarangkén tengah –ar-. Asal kecapna budak diselapan ku –ar- jadi barudak. Kecap arulin, asal kecapna ulin, terus katambahan –rarangkén tengah –ar-, ngan robah geus jadi kecap mah jadi ti hareup.
Rarangkén tengah –ar- mibanda alomorf –al-, -ar-, jeung ra.
Rarangkén –ar- robah jadi ar- lamun wangun dasarna dimimitian ku vokal,
Contona : asup jadi arasup
Ulin jadi arulin
Rarangkén –ar- robah jadi –al- lamun wangun dasarna dimimitian ku konsonan l
Contona : lieur jadi lalieur
Leuleus jadi laleuleus
Rarangkén –ar- robah jadi –al- lamun wangun dasarna ditungtungan ku konsonan r
Contona : bageur jadi balageur
Pinter jadi palinter
Rarangkén –ar- robah jadi –al- lamun wangun dasarna mibanda engang nu ngandung konsonan gabung atawa kluster br, tr, cr, kr, pr, jr.
Contona : kémpréng jadi kalémpréng
Gombrang jadi galombrang
Gecruk jadi galecruk
Gejrot jadi tinggalejrot
Rarangkén –ar- robah jadi ra- lamun wangun dasarna ngan saengang
Contona : cleng jadi racleng
Beng jadi rabeng
Guna jeung harti rarangken tengah –ar-, nya eta pikeun :
1. Ngawangun kecap barang nu hartina loba : barudak
2. Ngawangun kecap pagawéan aktif nu hartina loba nu ngalakukeun : baralik, arulin, dalahar
3. Ngawangun kecap pagawéan aktif nu hartina loba nu ngalakukeun kana : nyarium hajar aswad, nyariwitan daging
4. ngawangun kecap sipat nu hartina aya dina kaayaan terus-terusan... : nyareri, rarieut, laleuleus
5. ngawangun kecap sipat nu hartina loba dina kaayaan : baruruk, garoréng, parait




a. Kecap saharti (sinonim)
Teangan sasaruaan (sinonim) kecap-kecap nu dicitak miring!
1. Mana waras ku Sang Widi (………………….)
2. Waluya ti kawasana (………………….)
3. Budak deleka mah tara dipikaresep. (………………….)
4. Di urang loba kénéh rahayat nu malarat. (………………….)
5. Kudu merenah waktuna ari nganjang téh! (………………… )


b. Pedaran
Unggal basa, kecap-kecap téh sok loba nu saharti, maksudna rupa-rupa kecap tapi hartina mah sarua. Rupa-rupa téh dina wangunna, macana kitu deui cara nulisna.

Apalkeuneun:
1. pakaya = banda, sawah kebon, tanah, balong
2. nyaosan = nyumponan= nedunan
3. kasohor = kamashur=kakoncara=kagurnita
4. giri = gunung
5. ampuh = lungguh, timpuh, andalemi
6. mubadir = gaplah=mubah= teu kaarah
7. digjaya = unggul=wanian=rikat=bedas
8. séba = bakti
9. singsarwa = sagala=loba=sarua
10. mandala = daerah=wilayah=lembur