Senin, 22 Desember 2008

DONGENG

ANJING JEUNG BAGONG
Jaman baheula anjing jeung bagong téh sobat dalit, tara aya pacogrégan naon-naon. Ari dina hiji poé anjing babaung. Bagong kacida ngéwaeunana, nepi ka nyarékan laklak dasar. Anjing nyerieun haténa, sarta tuluy nyarita ka babaturanana. Atuh babaturanana ogé pada milu nyeri haté, bari ngajak ngajorag bagong. Méméh ngajorag, ménta tulung ka jelema. Ku jelema geus disanggupan.
Bagong-bagong sanggeus meunang béja yén anjing rék ditulungan ku jelema, maranéhna gancang baé ménta tulung ka oray, ka kalajengking jeung babakaur, sarta kabéh seungseureudan, odéng, éngang, sarisit jeung sabangsana. Oray jangji bakal nulungan lamun jelema ngaliwat kana liangna. Kitu deui langgir katut babakaur rék ngaganggu ka jelema, lamun aya nu ngaliwat kana liangna. Ari odéng, éngang, sarisit saranggupna rék nyeureud ka jelema teh, nya eta lamun maranéhna kadupak ku jelema.
Sanggeus asak badamina, gancang baé bagong jeung batur-baturna ngarasah sihung jeung ngabiasakeun lumpat tarik sangkan ulah bisa kaberik ku anjing, ulah kaudag ku jelema. Anjing-anjing kitu deui, ngasah sihung paeukeut-seukeut, sarta dialajar lumpat patarik-tarik supaya bisa ngudag bagong nu geus biasa lalumpatan di pileuweungan.
Jelema mah puguh deui, da ngaranna gé umat nu pangpunjulna di dunya, kacida taki-takina, ulah nepi ka éléh jajatén ku sato. Pakarangna geus sadia rupa-rupa, kayaning tumbak, gobang, sumpit, katut bandring geus samakta.
Ku jelema geus ditangtukeun waktuna anu hadé cék ahli palintangan, keur ngarurug bagong téa. Kabéh anjing geus dibéjaan, yén lamun geus ditongtongan ku jelema, subuh-subuh kudu kumpul di buruan imah kokolot.
Barang geus cunduk ka waktu datang ka mangsa, subuh-subuh sakur lalaki anu sawawa geus ngagimbung pada marawa pakarang. Pirang-pirang anjing geus kumpul. Gancangna bring indit kabéh ka nu bala. Jelema ger surak kabéh bari ngahucuhkeun anjing. Bagong-bagong kacida reuwasna, lolobana tuluy lumpat, geus teu inget kana jangji jeung pada batur, supaya hirup baé. Sawaréh keuna ku sumpit, aya nu keuna ku panah. Bagong lumpat aya nu kaberik ku anjing tuluy direwég, nepi ka teu bisa polah.
Bagong-bagong nu salamet, nu mubus ka leuweung séjén jangji jeung pada baturna, baris ngaganggu kana pepelakan jelema, sarta baris terus ngamusuh ka anjing. Tah sakitu sasakalana nu matak anjing resepeun pisan diajak moro bagong tug tepi ka kiwari.

1 komentar:

  1. Online Roulette by Playtech - FEBCASINO
    Online Roulette by Playtech 인카지노 - FEBCASINO. Play online roulette from Playtech! Play casino game on an iPad, Android or PC septcasino with febcasino the same device.

    BalasHapus